Bandung Barat (MC) Pikeun pramuka jawa barat mah geus hamo bireuk deui ka kang haji Aceng Junaedi mah,komo urang kabupaten bandung barat mah,da emang anu nyekel komando sagala kagiatan aya dina tanggung jawab na.
Kang haji,anu sagala tiasa teh kaceluk ka awun awun,ka wentar ka janapria,ku kaparigeulan na,ka tiasana,tur tanggung jawabna kana sagala widang,someah babari wanoh kasasaha oge.Ieu teh taya lian ku geus legok tapak genteng kadek dina sagala widang.
Boh jabatan dines waktos janten PNS,atanapi dina nyekel puluhan organisasi.Eta wae saprak jadi pagawe negri taun 1980 janten staf kantor kecamatan lembang kabupaten bandung harita,jadi pagawe tuladan nepi ka di bere tugas belajar ka APDN,lulus pang hadena saangkatana.
Saatos lulus dipasihan tugas anu enggal di kantor SOSPOL kabupaten Subang.Karir kang haji bener bener nerekel ti handap keneh,ti mimiti staf dugikeun ka janteun mantri pulisi kecamatan subang,sekretaris camat jalan cagak,janten kasubag dalbang,tug dugi ka penyusun program setda subang dugi ka harita subang tiasa nyongcolang dina sagala widang.
Tina hasil karapekan padamelanna,kang haji di angkat janten Camat binong,camat tanjung siang sareng camat jalab cagak.Saterasna janten asisten Tatapraja Kabupaten subang,kantos oge janten direktur RSUD Subang teras janten Kepala BAPPEDA subang.
Sa ba'da na ngalanglang buana di subang,kang haji mulang ka lembur padumukan di kabupaten bandung barat janten staff ahli widang pamarentahan KBB,teu lami di angkat janten kepala Badan Pemberdayaan Masyarakat dan Pemerintahan Desa (BPMPD) KBB,malihan kantos janten plt Kepala dinas kependudukan dan catatan sipil,Plt SEKDA,asisten pamarentahan,PLH SEKDA sareng pejabat sekda Kabupaten Bandung Barat.
Dina sagala widang pamarentahan kang haji tos teu kedah kacatur kaparigelannana,ku pangalaman na sagala padamelan beres roes dugi ka rengse.
Anapon kitu deui dinu widang organisasi,langkung ti 20 organisasi kantos di cangking ku kang haji Aseng.Diantawisna Ketua senat Menwa waktos Kuliah,KORPRI,Ketua Assosiasi Asisten Pamarentah BPMPD,ketua IKADIK,PMI,KONI,pupuhu Kwarcab Pramuka Kabupaten Bandung Barat,aya pantes na janten tanggelan widang urusan kerjasama Kwarda Jabar ku ka parigelan kang haji.
Dina Layang pangajen kang haji oge tos sababaraha kali nampi,diantawisna piagam satya lencana ti presiden,Wing kesatuan terbang layang ti Dan Lanud surya darma,piagam sareng lencana melati ti kwarnas taun 2017,lencana pengabdian pancawarsa V Pramuka,lencana pembina karang taruna sareng kantos janten pembina terbaik widang olah raga rakyat taun 2006.
Kiwari kang haji nu gaduh gelar akedemik S2,dumuk di cisarua Kabupaten Bandung Barat "Nu Mawi abdi mah seja babakti ka nagri,seba raga ka masyarakat,nu ka dada kaduga,pikeun kamajenganna Bandung Barat,utami na widang pramuka hiji hiji na lahan atikan karakter anu moal aya dinu organisasi sejen.Asal tangoh tur tigin kana jangji anu jadi ageman pramuka tri satya katut dasa darma anu sagemlengna" nu teu weleh gumujeng sareng pameunteu nu marahmay.
Pribadi kang haji peryogi janten conto,sanaos parantos purnabakti anjeuna sumeah,derehdeh,loma ka sasama,depe depe handap asor.(red)